Skip to main content

Posts

Showing posts from August, 2013

Conto Carpon (Carita Pondok) Basa Sunda

Budak Koruptor (karya: Lulu Asmi Lathifah S.) Di SMP Merdeka, aya hiji budak istri nu pada dipikaresep ku babaturanna. salain bageur, manehna teh pinter deuih. Alin, hiji-hijina putri bupati Kabupaten Galih. Predikat “anak bupati” nu disandang ku Alin oge ngajadikeun manehna kakoncara di sakolana. “Lin, engke pangajarkeun Fisika nya...” “Alin, Uih sakola ngerjakeun PR Matematika sasarengan, yu...” Emang bener, seueur pisan rerencangan Alin nu sok nyungkeun bantosan ka Alin. Sanajan anak bupati, Alin mah teu sombong. Alin sok ngabantuan rerencanganna, oge ngabaur sareng nu sanesna. Tapi, angger weh, sa sae-saena jalmi, aya weh nu teu mikaresep mah. Mia, saingan Alin ti kelas 7 keneh, nepi ka ayeuna, kelas 9.  Ti kelas 7, Alin nu sok ‘ngahalangan’ Mia jadi nu kahiji di kelasna. Mia mah sok jadi nu kadua wae, tangtuna di handapeun Alin. Hal eta nu ngajadikeun Mia teu mikaresep Alin. Di bumi na, Alin caket pisan sareng bapana. Ibuna Alin tos ngantunkeun basa Alin kelas 3 S