Skip to main content

Posts

Showing posts from November, 2013

Conto Resensi Novel Sunda

Diamprokkeun ku Tembang ( diresensi ku: Lulu Asmi Lathifah S. XI-Aksel ) Judul Buku : Nu Kaul Lagu Kaléon Pangarang         : Rahmatullah Ading Affandie Penerbit         : PT Kiblat Buku Utama Taun Terbit : 2011 Jumlah Kaca : 100 Novél Nu Kaul Lagu Kaléon téh kagolong kana novél nu nyaritakeun pakait asihna hiji mojang nu diajar nembang jeung bujang nu ngajarna. Novél nu caritana teu pati panjang ieu cocok dibaca ku rumaja, hususna nu resep kanu tembang, soalna, novél ieu téh seueur nyaritakeun carita nu ngeunaan tembang. Nu Kaul Lagu Kaléon dimimitian ku nyaritakeun hiji pamuda nu namina Péndi. Péndi nu keur ngabandungan tembang dinu riungan tembang, asa apal ka sora halimpu nu nembang éta. Péndi terus ngémutan sora saha éta téh. Ahirna anjeunna émut kana kajadian genep taun kapengker. Saleresna mah, Péndi téh teu resep-resep teuing kanu namina témbang téh. Ngan ukur apal saliwat. Hiji poé, Péndi gaduh kaperyogian ka bumi Kang Atma, nu kaleresan,