Diamprokkeun ku Tembang
(diresensi ku: Lulu Asmi Lathifah S. XI-Aksel)
Judul Buku : Nu Kaul Lagu Kaléon
Pangarang : Rahmatullah Ading Affandie
Penerbit : PT Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2011
Jumlah Kaca : 100
Novél Nu Kaul Lagu Kaléon téh kagolong kana novél nu nyaritakeun pakait asihna hiji mojang nu diajar nembang jeung bujang nu ngajarna. Novél nu caritana teu pati panjang ieu cocok dibaca ku rumaja, hususna nu resep kanu tembang, soalna, novél ieu téh seueur nyaritakeun carita nu ngeunaan tembang.
Nu Kaul Lagu Kaléon dimimitian ku nyaritakeun hiji pamuda nu namina Péndi. Péndi nu keur ngabandungan tembang dinu riungan tembang, asa apal ka sora halimpu nu nembang éta. Péndi terus ngémutan sora saha éta téh. Ahirna anjeunna émut kana kajadian genep taun kapengker.
Saleresna mah, Péndi téh teu resep-resep teuing kanu namina témbang téh. Ngan ukur apal saliwat. Hiji poé, Péndi gaduh kaperyogian ka bumi Kang Atma, nu kaleresan, istrina Kang Atma, nyaéta Ceuk Kanah, osok ngajarkeun tembang. Didinya Péndi pependak sareng mojang geulis nu nganteur rakana diajar tembang. Nani namina téh. Nani nu ngakuna mah teu tiasa nembang, diolo ku Péndi ngarah nyobian nembang. Tidinya, Péndi apal yén Nani téh saleresna mah gaduh bakat dinu nembang.
Émutan Péndi kanu kajadian genep taun kapengker éta téh can ngayakinkeun manéhna yén nu nembang basa dinu riungan tembang éta téh Nani. Péndi terus milarian informasi ngeunaan saha sabenerna nu nembang éta téh. Nurutkeun kanu rasa panasaranana, ahirna Péndi datang ka bumi Pa Sadikin, nu ngayakeun riungan tembang basa éta. Tapi hasilna nihil, Pa Sadikin keur nganteur kapiputrana, nu basa éta nembang, ka Bandung. Tidinya Péndi geus béak harepan.
Péndi inget deui kanu kajadian genep taun kapengker. Péndi kungsi teu resep datang kanu acara-acara riungan tembang kusabab Nani. Nani sok maksa Péndi ngarah datang ka acara riungan tembang. Hiji mangsa, Péndi ngabébélaan teu ngurus acara nu lian ngarah bisa datang ka acara riungan tembang. Tapi, Nani kalahkah teu datang. Nani kalahkah ngiring ka rombongan nu lain ka Garut. Ti dinya, hubungan Péndi jeung Nani téh paturenggang nepi ka ayeuna.
Hiji mangsa, Péndi kenging uleman ti Pa Sadikin, kanggo ngabadamikeun tembang Sunda. Tidinya, Péndi apal kumaha kaayaan Nani sabenerna.
Dina novél ieu, seueur pisan istilah-istilah kasenian tradisional Sunda, hususna mah istilah-istilah dinu tembang Sunda Cianjuran, sapertos: pélog sareng saléndro. Janten, sesah kanggo jalmi nu teu ngartos istilah-istilah éta kanggo mikahartos eusi novél.
Jalan carita na dinu novél ieu dicaritakeun kalawan subtil, teu bruk-brak ti awalna kawas carita séjénna. Karék di ahir carita, kakara kabuka kumaha hubungan silih pikacinta éta dua nonoman téh.
Novel ieu cocok diaos ku rumaja, sabab tiasa nambih wawasan ngeunaan tembang. Salain éta, novel ieu gé ngangkat budaya-budaya anu aya di tatar sunda, sapertos kasenianana, jeung budaya masarakat anu jadi ciri khas Sunda. Ieu novél téh merenah disinugrahan Hadiah Rancagé taun 1991.
***
Comments
Post a Comment